PARIBASA SUNDA
5
- Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
- Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
- Gurat batu Pageuh kana jangji.
- Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
- Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
- Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
- Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
- Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
- Hampang birit gampang jeung daekan dititah.
- Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
- Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
- Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
- Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
- Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
- Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
- Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
- Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
- Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
- Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
- Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
- Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
- Heureut deuleu pondok léngkah Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu réa babandingan da kurung batok.
- Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
- Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
- Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
- Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.