PARIBASA SUNDA
6
- Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
- Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
- Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
- Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
- Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
- Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
- Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.
- Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.
- Ipis kulit beungeut Gede kaera.
- Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
- Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
- Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
- Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.
- Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur.
- Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
- Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing.
- Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
- Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
- Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
- Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
- Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
- Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
- Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
- Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad.
- Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.
- Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
- Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
- Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
- Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
- Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
- Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
- Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
- Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
- Kandel kulit beungeut euweuh caerá.