PARIBASA SUNDA
12
- Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
- Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
- Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
- Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
- Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.
- Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
- Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
- Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
- Owah gingsir Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
- Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
- Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
- Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
- Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
- Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
- Pait daging pahang tulang Arang gering.
- Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
- Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
- Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
- Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
- Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
- Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
- Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
- Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
- Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
- Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
- Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
- Poék mongkléng buta rajin (atawa buta radin) Poék pisan.
- Pondok jodo panjang baraya Saha ogé jodoh urang silaturahmi kudu tetep dijaga.
- Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
- Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
- Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
- Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba dahareun da loba pepelakan.
- Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
- Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
- Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
- Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
- Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
- Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
- Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.