PARIBASA SUNDA
11
- Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
- Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
- Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
- Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
- Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
- Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
- Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.
- Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
- Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
- Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
- Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
- Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
- Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
- Nuturkeun indung suku Leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.
- Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
- Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
- Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
- Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
- Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
- Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
- Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
- Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
- Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
- Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
- Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang Nyarita kudu pas, écés, ngabogaan harti.
- Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
- Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
- Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
- Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
- Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
- Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
- Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
- Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun.
- Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.