PARIBASA SUNDA
2
- Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
- Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
- Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
- Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
- Aya hate kadua leutik naksir.
- Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
- Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
- Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
- Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
- Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep atawa dihéroan.
- Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
- Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
- Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
- Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
- Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate.
- Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
- Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula.
- Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
- Beurat birit hese jeung sungkan dititah.
- Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
- Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
- Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
- Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.
- Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
- Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
- Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
- Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
- Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
- Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
- Bobot pangayun timbang taraju kabéh anu dipigawé kudu pinuh tinimbangan.
- Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.
- Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
- Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
- Buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian.