PARIBASA SUNDA
1
Ditulis oleh Dedi Mulyadi Selasa, 26 Januari 2010 10:08
Seueur pisan pribahasa (babasan/paribasa) sunda nu ku sim kuring hilap deui, ma’lum hirup lain di tatar sunda nyarita loba teu make sunda komo deui pribahasa (babasan/paribasa) sunda pastina oge jarang kapake. Ayeuna sugan jeung sugan rek diajar deui pribahasa (babasan/paribasa) sunda. --- manawi para wargi bade nambihan sumangga diantos ---
- Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
- Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
- Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
- Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
- Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
- Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
- Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
- Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
- Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
- Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
- Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
- Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
- Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
- Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung. - Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
- Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
- Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
- Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
- Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
- Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
- Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
- Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
- Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
- Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.
- Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.