PARIBASA SUNDA
15
- Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
- Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
- Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
- Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
- Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
- Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
- Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
- Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
- Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
- Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
- Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
- Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
- Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
- Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
- Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
- Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
- Ulah keok memeh dipacok Ulah sieun saacan ngalakonan.
- Ulah leutik haté Ulah sieun atawa putus pangharepan.
- Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina Kudu nuturkeun étika anu aya.
- Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
- Ulah ngaliarkeun taleus ateul Ulah nyeubarkeun fitnah.
- Ulah ngukur baju sasereg awak Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
- Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian Ulah rebutan kakawasaan
- Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
- Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung.
- Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
- Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh.
- Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.
- Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
- Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
- Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.
mulung ti dieu:
http://saungdedimlyd.web.id/artikel/sosial-budaya-ekonomi/104-kumpulan-paribasa-sunda.html